Rabu, 11 Desember 2013

BAHAYA SIFAT MUNAFIK


BAHAYA SIFAT MUNAFIK

السلام عليكم ورحمةالله وبركاته

السلام عليكم ورحمةالله وبركاته

الحمدلله لعن المنافقين وأكرم المحسنين, أشهد أن لا إله الله رب العالمين. وأشهد أن محمدا عبده ورسوله للناس أجمعين. اللهمّ صلّ وسلّم على عبدك ورسولك صاحب الأمين وعلى اله واصحابه المخلصيم -امابعد: فيا عبادالله اوصيكم واياي بتقواالله لعلكم ترحمون.وقال تعالى: إِذَا جَاءَكَ الْمُنَافِقُونَ قَالُوا نَشْهَدُ إِنَّكَ لَرَسُولُ اللَّهِ وَاللَّهُ يَعْلَمُ إِنَّكَ لَرَسُولُهُ وَاللَّهُ يَشْهَدُ إِنَّ الْمُنَافِقِينَ لَكَاذِبُونَ. اتَّخَذُوا أَيْمَانَهُمْ جُنَّةً فَصَدُّوا عَنْ سَبِيلِ اللَّهِ إِنَّهُمْ سَاءَ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ

Hadirin Sidang Jum'at Rahimakumullah!
Puji syukur kahadirat Allah Swt. anu parantos ngajadikeun urang sadaya salaku jalma mu`min, tur dipaparin hidayah kanggo ngalaksanakeun sagala kawajiban urang salaku hamba Mantena. Shalawat tur salam salawasna mugia dilimpahkan ka Nabi panutup, anu jadi panutan  tur ngagaduhan akhlak nu mulya tur sampurna.
Khatib  henteu hilap umajak ka sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kataqwaan ka Allah swt. Kalawan taqwa anu sautuhna, anu bakal nyalametkeun urang sadayana di dunia sareng di akhirat.

Hadirin Rahimakumullah!
Aya tilu golongan manusa anu ku urang parantos kamaklum dina sapanjang sajarah kahirupan manusa.  Kahiji, golongan mukminin (golongan jalma-jalma anu ariman ka Allah).  Kadua, golongan kafirin (golongan jalma-jalma anu inkar ka Allah). Jeung katilu, golongan munafikin (golongan jalma-jalma anu beungetna midua), amis di luar pait di jero, lain di biwir lain di hate, jeung lolondokan, beungeut nyanghareup ati mungkir. Lamun maranehna datang ka jalma nu iman, ngaku paling iman tapi lamun datang datang ka golongan maranehna sorangan, maranehna ngomong: “Kuring ukur rek nipu ka golongan mukmin”.  Waktu zaman Orde lama,  ngaku paling Orde lama. Waktu Orde baru, ngaku paling Orde baru. Zaman orde reformasi, ngaku paling reformis. Padahal disatukangeun eta maranehna kaasup oknum-oknum  orde lama,  oknum-oknum orde baru, jeung ayeuna jadi oknum-oknum orde reformasi anu ku urang kudu diusir ti nagara urang. Sabab, manusa seperti kitu kacida bahayana pikeun kahirupan nusa, bangsa, jeung agama anu ku urang dianut.
Ngeunaan  jalma-jalma anu munafik, Allah parantos ngadawuh dina surat Al-Munafiqun ayat 1-3:
إِذَا جَاءَكَ الْمُنَافِقُونَ قَالُوا نَشْهَدُ إِنَّكَ لَرَسُولُ اللَّهِ وَاللَّهُ يَعْلَمُ إِنَّكَ لَرَسُولُهُ وَاللَّهُ يَشْهَدُ إِنَّ الْمُنَافِقِينَ لَكَاذِبُونَ(1)اتَّخَذُوا أَيْمَانَهُمْ جُنَّةً فَصَدُّوا عَنْ سَبِيلِ اللَّهِ إِنَّهُمْ سَاءَ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ(2) (المنافقون: 1-3)
Lamun jalma-jalma munafik datang ka aranjeun, maranehnya ngaromong: "Urang sarerea ngaku, yen saenyana anjeun   teh bener-bener Rasul Allah". Jeung Allah uninga yen saenyana anjeun benar-benar Rasul-Na; Saestuna Allah uninga yen jalma-jalma anu munafik bener-bener tukang ngabohong. Maranehna teh ngajadikeun sumpah maranehna salaku tameng, terus maranehna ngahalangan (manusa) ti jalan Allah. Saenyana kacida gorengna perkara anu ku maranehna dipilampah. Nu kitu teh sabab saenyana maranehna geus ariman, terus jadi kafir (deui) terus hate maranehna dikonci paeh; kusabab eta maranehna teu bisa ngarti. (QS. al-Munafiqun: 1-3)
Hadirin anu dimulyakan ku Swt!
Firman Allah tadi ngagambarkeun watek jeung pangaruh  jalma munafik. Lamun ku urang dititenan anu leuwih jero, sabab nuzul ieu ayat teh numutkeun riwayat al-Bukhari anu asalna ti Zaid bin Arqam, aya pakaitna jeung ucapan Abdullah bin Ubay ka batur-baturna: “Aranjeun ulah rek mere nafkah ka jalma-jalma anu deukeut ka Rosulullah SAW saacan maranehna ninggalkeun agamana……”. Ucapan eta teh kakuping ku Zaid bin Arqam, tuluy  ku Zaid didugikeun ka pamana, jeung pamana  ngadugikeun eta beja ka Rasulullah Saw. Saterusna Rasulullah manggil ka Zaid bin Arqam jeung Abdullah bin Ubay sarta batur-baturna. Tapi di payuneun Rasulullah duanana sumpah cenah teu pernah ngomong kitu. Ku ayana dua sumpah eta, Rasulullah leuwih percaya ka Abdullah bin Ubay batan ka Zaid bin Arqam.  Zaid bin Arqam ngarasa sedih terus balik ka imahna, ngerem maneh, teu daek ka kaluar ti imah. Mangka Allah nurunkeun surah Al-Munafiqun ayat 1-3 tadi anu negeskan yen Zaid bin Arqam teh bener sedengkan Ubay kaasup kaum munafiqin, anu geus ngabohong. Salian ti eta, dina ayat di luhur Allah nyebatkeun tilu sifat jalma munafik anu ngabahayakeun jeung kudu dijauhan, Nyaeta:
Kahiji, انّ المنفقين لكاذبون, jalma-jalma  munafik salawasna sok bohong.
Kadua, إتخذوا ايمانهم جنّة,  jalma-jalma munafik selawasna ngajadikeun sumpah salaku tameng pikeun ngabela diri.
Katilu, فصدواعن سبيل الله, jalma-jalma munafik selawasna ngahalangan manusa ti jalan Allah.
Hadirin wal hadirat anu dimulyakan Allah Swt.
Eta tilu sifat teh, lamun ku urang dititenan ti baheula nepi ka ayeuna, komo deui di zaman anu bakal datang kacida hesena keur urang pikeun ngaleungitkeuna jeung teu mustahali bakal leuwih parna, dina bentuk jeung model anu beda sasuai kamajuan zaman.
Loba pisan jalma anu ngumbar janji tapi buktina kosong molongpong. Ngajanjikeun duit pesangon, jaminan  waktu geus kolot, tunjangan maot jeung hamil tapi kabehana bohong. Aya oge jalma anu ngomong: “Lamun partai kuring didukung ku aranjeun,   ieu kampung dijamin caang, jalan bakal diaspal, kabel telepon dipasang! tapi saenggeus sagala kahayangna ditedunan, kampung tetep  poek mongkleng, aspal euweuh, kabel telepon duka kamana, Leuwih ti eta JPS lain singkatan tina Jaringan Pengaman Sosial tapi Jaminan Pemilih Saja anu teu milih teu meunang jaminan, jeung anu milih jadi korban. Sikep saperti kitu hadirin, pagawean khianat, bisa nyangsarakeun rakyat. Kulantaran kitu, mudah-mudahan jalma-jalma munafik tetep dilaknat, ti dunya nepi akherat.
Ngeunaan harepan urang ieu, Allah netepkeun pikeun jalma-jalma munafik yen hatena moal rek ngarti kana kabenaran sabab loba teuing titik titik hideung dina hatena:
فطبع على قلوبهم فهم لا يفقهون
Eta teh watek jalma-jalma munafik anu ngancam jeung ngabahayakeun hubungan manusa salaku makhluk sosial.
Hadirin, saterusna watek jalma munafik anu sejen, anu bisa ngancam kalestarian alam lingkungan ieu dijelaskan ku Allah dina surat Al-Baqarah ayat 205:
وَإِذَا تَوَلَّى سَعَى فِي الْأَرْضِ لِيُفْسِدَ فِيهَا وَيُهْلِكَ الْحَرْثَ وَالنَّسْلَ وَاللَّهُ لَا يُحِبُّ الْفَسَادَ (البقرة: 205)
”Jeung lamun manehna nukangan, manehna satengkah polah nyebarkeun karuksakan di luhureun bumi, Sarta ngarusak pepelakan jeun sato, Sedeng Allah teu resep karuksakan”. (QS. al-Baqarah: 205)
Hadirin, kacida benerna dawuhan Allah tadi, urang nyaksian kumaha sarakahna jalma-jalma munafik, kalawan make alesan pangwangunan jeung kamajuan, gunung-gunung digundulan, tatangkalan dituaran sakaparan-sakaparan, moro sato-sato anu dilindungi, ngakibatkeun cemarna cai, tanah jeung hawa. Eta teh pagawean jalma-jalma munafik sahingga lamun manehna diomongan: “Tong nyieun keruksakan di bumi!“ maranehna malah ngajawab: ”Justru kuring teh anu nyieun kemaslahatan”. Geus salah, malah teu ngaku nyieun kasalahan. Geus katangkep baseuh  ngaruksak alam, masih bisa ngajawab: "Ieu teh pan keur pangwangunan”.
Hadirin Rahimakumullah!
Lamun bohong ka manusa   geus hasil, manehna bakal ningkat ngabohong ka Allah jeung ngabohongkeun kana naon wartos anu tos dijanjikan ku Allah jeung Rasul-Na. Ieu teh dijelaskeun dina surat al-Ahzab ayat 12:
وَإِذْ يَقُولُ الْمُـنَافِقُونَ وَالَّذِينَ فِي قُلـُوبِهِمْ مَرَضٌ مَا وَعَدَنَا اللَّهُ
وَرَسُولُهُ إلا غُرُورًا (الأحزاب: 12)
”Jeung (inget) nalika jalma-jalma munafik jeung jalma anu boga panyakit dina hatena ngomong: "Allah jeung Rasul-Na  ukur ngajanjikeun tipuan wungkul ka urang sarerea”.
Hadirin Sidang Jum'at Rahikumullah!
Eta teh dawuhan Allah ngeunaan jalma-jalma munafik. Terus kumaha sikep urang dina nyanghareupana? Urang kudu boga sikep tabayun, waspada jeung bijaksana. Lamun salah tindakan maka  akibatna bakal negatif pikeun urang. Eta teh sakumaha dicontoan ku Rasulullah, anjeuna teu maehan Abdullah bin Ubay padahal ieu jalma teh mangrupakeun gembong munafik anu geus nyebarkeun fitnah, ngahambat nyebarna agama Allah, ngaragragkeun wibawa Rasul, jeung leuwih ti eta kaum Anshar jeung Muhajirin hampir rek perang gara-gara beja jeung papanas ti jalma munafik. Rasul teu maehan jalma munafik sabab engke bakal aya anggapan yen Rasulullah ngabunuh para sahabatna. Padahal urang ge ngarasa kesel kana kalakuan maranehna.
Hadirin, di nagara Indonesia anu ku urang dipicinta  ieu teu mustahil masih loba jalma-jalma munafik anu ngaganggu kana katengtreman masyarakat, jeung nyieun  pagawean anu bakal ngahambat kana pangwangunan di nagara urang ieu. Pantes  lamun jalma-jalma munafik diberi balesan ku Allah SWT anu satimpal sakumaha dawuhanna Mantena dina surat an-Nisa ayat 145:

إِنَّ الْمُنَافِقِينَ فِي الدَّرْكِ الأَسْفَلِ مِنَ النَّارِ وَلَنْ تَجِدَ لَهُمْ نَصِيرًا (النساء: 145)

”Saenyana, jalma munafik (tempatna) di dasar naraka anu paling handap. Sama sakli manehna moal manggihan nu ngabela”. (QS. an-Nisa: 145)
Hadirin Rahimakumullah
Eta teh balesan anu kacida peurihna jeung pikasieuneun pikeun jalma-jalma munafik, tapi memang kacida pantesna jeung kacida cocok jeung pagaweana. Mudah-mudahan Allah Swt. Ngajauheun bangsa Indonesia ieu tina perdaya jalma-jalma munafik, para oportunis, jeung penjilat anu sok ngabobodo rakyat.
Tapi urang kedah syukuran ka Allah, sabab landasan pangwangunan di nagara urang nyaeta iman jeung taqwa, mudah-mudahan bisa nyetak  manusa Indonesia sautuhna  jeung bisa ngerem jalma-jalma munafik anu bakal bisa ngaruksak pangwangunan  jeung agenda reformasi anu ku urang dicita-citakeun. Ieu teh bakal bisa hasil lamun make metode ajaran agama.
Tina bahasan di luhur bisa disimpulkeun yen jalma munafik ngabogaan watek anu ngabahayakeun. Di antara watekna. Kahiji, resep ngabohong, ngajadikeun sumpah salaku benteng, sok khianat jeung nghalangan manusa ti jalan kabenaran (Allah) atanapi tegesna resep nyieun karuksakan di alam. Kusabab kitu, urang kudu boga sikep tabayun, waspada jeung bijaksana dina nyanghareupana sabab maranehna masih ti golongan urang jeung pagaliwota jeung urang.
Mudah-mudahan urang teu kaasup ti golongan jalma munafik, jeung mudah-mudahan bangsa urang dijauhkeun tina gangguan jalma munafik. Amin.

والسلام عليكم ورحمةالله وبركاته

Tidak ada komentar:

Posting Komentar